Moal enya aya akibatna
 Lamun teu aya sabab musababna
Carita nu jadi djalanna
Laku lampah akibatna
Carita mah ngan ukur basana
Anggur crukcruk eusi hatena
Eusi hate jeung  buah pikiran 
Nu ngalantarankeun timbul laku lampahna
Lamun batur  manggih kanyeri
Cenah ti urang asalna
Sing wani urang ngaragap ati 
Sangkan kapanggih nu jadi sababna
Sifat-sifat urang tingali
Nu jadi lalakon diri
Jaba sifat ti kudrat illahi
Loba nu asal ti kolot pribadi
Sifat nu asal ti diri 
Jaba sabab lalakon pribadi 
Kahayang, tanaga sakabeh eusi 
Nafsu, dalang tingkah lakunya diri
Numatak ti sagala nu medal kaluar eta
Sing kacrukcruk kapanggih nu jadi tanaga pangdorongna
Sangkan bisa kapanggih engke sakabeh nu jadi sababna 
 Nya eta teh tanagana nafsu nu medal ti jero alam kalbuna tea
 
 
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
Mulai dari Komentar Sambungkan Silaturahmi...