Laman

Jumat, 04 Maret 2011

BEUTEUNG

Lamun urang hayang terang
Kana eusi diri urang
Sing getol daekan ngintip
Ka tindak batur nu lantip

Entong boro tingkah laku nu kolot
Budak ge loba nu nyolok
Geura bandungan laku lampah
Intip caritaanana

Entong boro tingkahna jalma
Sato ge loba nu nyolok
Dina mere isarahna
Asal enya ngabandunganana

Isarah dina datangna
Tara karasa ku nu diberena
Sing cepet urang nyanggana
Sing jero ngaleyepanana

Isarah nu ditembongkeun ku batur ti heula
Kudu danggap jadi eunteung diri
Ngagambarkeun sifat nu aya di urang pribadi
Numatak sok ditembongkeun di batur heula

Kaharti meureun eunteung nu dimaksud tadi
Ku nenjo tingkah, ucap jeung patekadan  batur tea
Urang supaya jadi ngartti sarta jadi ka rasa
Yen eta kabeh kudu dijadikeun bahan keur ngulik diri

Tingkah alus jeung goreng nu aya dibatur tea
Sifat tabiat kitu teh tangtu di urang oge aya
Kusabab kitu urang kudu daek ngulik terusna
Tanaga mah di urang nu nimbulkeun tabeat eta

Geuning lamun urang rek tembong goreng tabeatna
Sok tuluy jol sieun jeung era karasa
Gancang nyieun aleusan nu nyata
Geusan mupus tingkah gorengna

Cing, isarah nu kaciri di batur tea
Yakinkeun ku rasa ka diri pribadi
Yen eta teh panunjuk jalan ti nu suci
Bahan keur meresan diri pribadi

Batur mere isarahna
Bongan urang loba pohona
Sok nyimpang ti galur nu suci
Goreng lalampahanana

Harti isarah keur pribadi
Ngeunteungan ka ayaan diri
“ulah ngeunteung kana batok,
Batok mah rajeun tilengok”

Asal awas jadi lamur
Pangreungeu mimiti kurang
Tanaga nungtut ngurangan
Ngacang risi sagala paur

Belek mata mimiti datang
Tandana waktu rek ganti
Caang rek ganti ku poek
Keur nunggu putusan Gusti

Ikhlas kana takdir ilahi
Tandaning waktu rek ganti
Beak awal datang akhir
Tinangtu rek ninggalkeun lahir

Sing  awas tur waspada
Kana datangna akhir
Sasama manusa moal bisa ngageuing
Kana pangrasa diri

Surem pandang,
Caang rasa,
Cahaya keur manggihkeun diri
Ngan aya di pribadi

Nganyahokeun rasa batur
Lebar hate gede hampura
Nyabak ati manggih diri
Mimiti patepungna pribadi

Rasa tengtrem
Ikhlas diri
Leungit daya teuupaya
Yakin kakersaning ilahi

Yakin aenal yakin, umur ningkat ka kolot
Hirup mimiti eusi, kolot teh waktu keur tauhid
Patohidan tina ikhlas
Ikhlas ditakdirkeun Jang Widi

Tingkeusan:
Najan kolot kentrang kentrong
Mo weleh rasa mongpolong
Mun waspada ka Yang Katong
Diri mo daekeun bengong.....Allohu Akbar!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Mulai dari Komentar Sambungkan Silaturahmi...