Laman

Jumat, 04 Maret 2011

TINGKAH BUDAK

Ningal tingkahna nu jadi anak
Nu lucu tong dipicatur
Da paparin ti nu luhur
Tanaga pangdorong ngembangna budak

Nu perlu jadi emutan
Talajak nu matak ngewa
Anu ngahaja kudu ayana
Geura hayu urang lenyepan

Nu resep sok jadi catur
Ningal goreng tingkahna budak
Eta lain salahna anak
Da uyah tara tees ka luhur

Asal daek jeung wanina
Ngaleyepan diri pribadi
Tingkah budak gambaran diri
Tina sagala nu gorengna

Hade, goreng asal ti diri
Nu goreng tong jadi pusing
Sagala asal ti kuring
Kabeh tetesanana pribadi

Tingkah budak mere nyata
Ka kolot nu goreng adatna
Eta teh ngan mere tanda
Ka anu ngagelarkeunana

Gancang geura meresan diri
Keur nguatkeun jiwa pribadi
Conto hade pikeun anakna
Cecekeulanana, beukel hirupna

Ngadidik ngatur hirupna
Wajib kolot ka anakna
Mingpin budak, memeres diri
Eta teh titah Nu Maha Tunggal

Tingkesan:
Wong tua gawe wiwitan
Wong anom darma ngakoni

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Mulai dari Komentar Sambungkan Silaturahmi...