Laman

Jumat, 04 Maret 2011

BUDI

Pangakuan sagala bener
Nyimbutan anau teu bener
Buktina ukur carita
Tingkah laku gambar nu nyata

Benerteh atauh ceuk saha?
Naha saur  ‘caritana’
Bener mah kudu ceuk ‘rasa’
Pikir suci, nu adil timbangananan

Akal memeres tindak
Basa panimbang akhlak
Adil timbangan diri
Yakin ceuk ati sanubari

Rasa, pikir, pangawas pribadi
Tina sagala nu jaradi
Matak rasa jeung pikir kudu ngahiji
Supaya nyaho dibener diri

Rasa luhur, hate bimbang
Pamanggih ngan sakadarna
Elmuning sajati, dasarna diri
Tindakan loba nyimpangna

Pikir mah ngan ukur ngarti
Kana Titahna rasa nu ngatur diri
Matak sing bisa ngulik elmuning sajati
Sangkan bisa manggihkeun diri pribadi sampurna

Geusan nyukcruk galuranana
Dina arek mapay laratanana
Mana sifat budi nu teu sampurna
Sok kapanggih tina tindakan nu loba nyimpangna

Budi teh disebut panggeuing pikir 
Tukang teuleum ngaraba rasa sucina
Budi teh jambatan antara sifat nu dua eta
Nu nepungkeun rasa jeung pikir sangkan ngahiji ngalir

Sing gancang ngulik salira
Rasa jeung pikir dijadikeun dasarna
Kahayang, tanaga pangdorongna
Kalakuan hade, gambaranana

Pikir kudu beresih
Rasa panganteur widi
Alam tetep baris miasih
Ka makhluk nu ngenal diri

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Mulai dari Komentar Sambungkan Silaturahmi...